Memeres Lembur Supaya Sehat
Kawajiban memeres lembur supaya sehat ngarupikeun kawajiban balarea anu aya di pilemburan. Ti mimiti budak ngora tug ka anu kolot, bujang oge wanoja, nu lelengohan oge anu tos rumah tangga sareng sajabana sami-sami ngagaduhan tanggung jawab dina masalah ngajaga lingkungan lemburna.
Kasadaran kana pentingna ngajaga kaberesihan memang kudu dimimitian ti diri pribadi masing-masing, tapi lain harti mopohokeun kana kaberesihan sabudeureun. Lembur anu ngeunah nyaeta lembur anu berseka, bersekana lembur kacipta ku sabab kasadaran anu nyicingan nana.
Ampir tiap wewengkon di Padumukan Cikembang ngabogaan program masing-masing anu pakaitna sareng ngajaga lembur supaya beresih. Ieu nandakeun yen warga dipadumukan cikembang ngabogaan rasa tanggung jawab anu gede kana ngajaga lingkunganana.
Saperti kagiatan mingsih (Minggu Beresih) anu aya di RW 02 Desa Cikembang, dimana barudak ngorana anu ngagabung dina orhanisasi karang taruna anu nelah dirina ku ngaran MATAGENT ngalaksanakeun kagiatan beberesih saban poe minggu.
Padahal mun dilenyeupan, dina poe minggu mah saperti kaumuman barudak ngora jaman kiwari, maranehna teh arulin. Tapi, kawasna, kusabab rasa tanggung jawab oge rasa ngapimilik kana lembur maranehanna milih mereskeun heula lembur samemeh ngumbar kahayangna sorangan.

Budak ngora memang bakal jadi generasi pikahareupeun, maranehna anu baris jadi pamingpin dina mangsa anu bakal datang, jadi rasa tanggung jawab dina dirina kudu terus didorong, dirojong sarta di bere kasempetan pikeun ngaaplikasikeun nana kana kahirupan nyata. Boh ku kapadulian atanapi ku karya anu sapagodos reujeung karesepna.
Nerapkeun kasadaran ka barudak ngora yen memeres lembur supaya sehat teh jadi salah sahiji tina kawajiban nana anu kudu dilaksanakeun kalawan rasa tanggung jawab anu bener.

Posting Komentar untuk "Memeres Lembur Supaya Sehat"